Karbon dioksida
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Karbon dioksida (rumus kimia: CO2) nyaéta sanyawa kimia nu diwangun ku dua atom oksigén nu kabeungkeut kovalén ku hiji atom karbon. Dina kaayaan baku, ieu sanyawaan aya dina wujud gas. Di atmosfir, kadarna kira-kira 383 ppm dumasar eusi[1]. Karbon dioksida téh kaasup salahsahiji gas rumah kaca, kusabab nembuskeun cahya katempo tapi nyerep infrabeureum.
Karbon dioksida dihasilkeun ku sato, tutuwuhan, fungi, jeung mikroorganismeu dina prosés réspirasi sarta dipaké ku tutuwuhan dina fotosintésis pikeun ngahasilkeun gula. Ku kituna, ieu sanyawa téh kaasup komponén utama daur karbon. Lian ti prosés kimia séjénna, karbon dioksida ogé dihasilkeun tina durukan suluh fosil atawa matéri tutuwuhan. Karbon dioksida anorganik dikaluarkeun ku gunung berapi jeung prosés géotermal sarupaning cipanas.
Karbon dioksida teu boga wujud cair dina tekanan handapeun 5,1 atm, tapi padet dina suhu kurang ti -78 °C. Dina bentuk padetna, karbon dioksida ilahar disebut dry ice (és garing).
CO2 téh oksida asam: leyuranana ngarobah kertas litmus tina bulao jadi kayas.
Daptar eusi |
[édit] Pasipatan kimia jeung fisik
Karbon dioksida téh gas teu warnaan jeung euweuh bauan. Mun kaseuseup dina jumlah nu leuwih loba batan galibna, kana baham karasana haseum, sedengkeun kana irung jeung tikoro karasa nyeureud. Ieu téh balukar tina leyurna gas dina mémbran mukus jeung ciduh nu ngabentuk larutan asam karbonat. Rasa ieu sarua jeung mun urang nahan teurab sanggeus nginum inuman dikarbonasi. Kadar leuwih ti 5.000 ppm dianggap geus teu séhat, sarta mun geus leuwih ti 50.000 ppm (sarua jeung 5% dumasar eusi) dianggap bahya pikeun sato[2].
Dina kaayaan baku, dénsitas karbon dioksida téh kurang leuwih 1,98 kg/m³, kira 1,5 kali hawa. Molekul karbon dioksida (O=C=O) ngandung dua beungkeut ganda sarta bentukna liniér, teu boga dipol listrik, jeung kusabab kakosidasi, teu pati réaktif jeung teu kaduruk, tapi ngarojong durukan logam sarupaning magnésium.
Dina suhu -78,51°C (-109,3° F, karbon dioksida robah tina faseu padet kana faseu gas (sublimasi), atawa tina gas jadi padet (déposisi). Hal ieu munggaran katilik taun 1825 ku kimiawan Prancis Charles Thilorier. És garing ilahar dipaké pikeun paniis kusabab hargana murah jeung teu matak kotor (da langsung jadi gas).
Karbon dioksida cair ukur bisa kabentuk dina kaayaan tekanan leuwih ti 5,1 atm; titik tripel karbon dioksida kira 518 kPa dina suhu -56,6°C (tempo diagram), sedengkeun titik kritisna 7,38 MPa dina suhu 31,1°C[3].
Bentuk padet karbon dioksida lianna bisa kabentuk dina kaayaan husus, bentukna amorf kawas kaca[4], disebut karbonia amorf (CO2 nu geus dipanaskeun ditiiskeun dina tekanan 40–48 GPa atawa kira 400.000 atm. Papanggihan ieu kabuktian ku téori yén karbon dioksida bisa aya dina bentuk gelas sarupa jeung famili unsurna, sarupaning silikon (gelas silika) jeung germanium, ngan karbonia mah teu stabil dina kaayaan biasa.
[édit] Mangpaat
Karbon dioksida dipaké di industri pangan, industri oli, jeung industri kimia. Industri milih ieu gas kusabab murah jeung teu kaduruk.
[édit] Baca ogé
[édit] Rujukan
- ↑ Whorf, T.P., Keeling, CD (2005). "Atmospheric CO2 records from sites in the SIO air sampling network.". Periodeu rékam: 1958-2004
- ↑ Staff (16 August 2006). Carbon dioxide: IDLH Documentation. National Institute for Occupational Safety and Health. Dicutat 2007-07-05.
- ↑ Phase change data for Carbon dioxide. National Institute of Standards and Technology. Dicutat 2008-01-21.
- ↑ Santoro, M., et al (2006). "Amorphous silica-like carbon dioxide". Nature 441 (7095): 857-860.
[édit] Tumbu kaluar
- CID 280 ti PubChem
- CO2 Carbon Dioxide Properties, Uses, Applications
- Pressure-Temperature phase diagram for carbon dioxide
- Molview from bluerhinos.co.uk Tempo Karbon dioksida wangun 3D
- Dry Ice information
- Trends in Atmospheric Carbon Dioxide (NOAA)
- Phase Diagram of Carbon Dioxide
- Experiment 071 -- Triple Point Phase Transition for Carbon Dioxide
- CO2 as a natural refrigerant - FAQs
- Methods to reduce carbon dioxide emmisions from power plants